Senin, 21 Oktober 2019

Uleman Syukuran Akikah Anak Bahasa Sunda


Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Neda agung lumur jembar pangampura réhna simkuring tos kumawantun ngintunkeun ieu sambung layang. Kahoyong mah tumarojong ngadongkapan ka bumi sewang-sewangan, maksad ngulem Bapa/Ibu/Saderek kangge sumping rurumpaheun ka rorompok.

Simkuring gaduh maksad ngayakeun riungan syukuran Tasyakur Binni’mat kana lahirna sareng Aqiqah pun Anak anu kadua (2) Wasta :

Fitriana Nurhanissa

Kumargi kitu, pamugia Bapa/Ibu/Saderek tiasa sumping dina raraga Tasyakur Binni’mat Aqiqah pun Anak anu Insya Allah badé dilaksanakeun dina :

Dinten : Minggu
Kaping : 03 Juni 2019
Waktos : 15.30 WIB (Ba’da Ashar)
Tempat : Rorompok Bpk. Yayan s, Kp. tunggilis Rt. 04 Rw. 03 Desa/Kec. Sukaraja Kab. Bogor

Hatur sewu nuhun, ku kersana sarumping nyumponan pangangkeun simkuring, sareng rumojong du’ana ka Alloh Rabbul Izzati mugia sing janten amal sholeh anu kenging imbalan ti Allah Subhana Wata’ala. Amiin.
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Bpk. Yayan sutisna / Ibu Erliana wati (Basasunda.com)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Berkomentarlah dengan bijak !